Pendidikan Barudak Urang di Nagri Jiran
|Kampong Romanggong téh perenahna di Distrik Kinabatang, Sabah, Malaysia. Harita nincak bulan Juni 2020. Isuk-isuk kénéh, tapi hawa geus karasa nyongkab. Najan kitu, teu matak mugagkeun barudak nu maké baju seragam bodas-beureum, bari katempona geus barelél; maranéhna nikreuh laleumpang di antara jajaran tatangkalan, di perkebunan sawit. Ngaliwatan sawatara blok perkebunan, rék ngajugjug ka “sakola” tempat maranéhna diajar.
Kitu gambaran salalar barudak urang, bagian tina sakumna generasi ngora Indonésia nu hirupna di nagri jiran (nagri deungeun). Éta barudak téh matuh jeung kolotna nu jaradi Tenaga Kerja Indonésia (TKI) di Sabah, buburuh di perkebunan sawit. Aya nu disebut Community Learning Centre (CLC), tempat nampung barudak sangkan bisa diajar—minangkana mah sakola.
Ieu lembaga asupna kana kolom Model Sistem Pengelolaan Pendidikan anu diayakeun di wewengkon husus, di nagara tatangga urang, nyaéta Sabah. Sarana nu dipibogana ogé ukur wangunan basajan. Umumna mah dirupakeun gudang nu disadiakeun ku pihak perkebunan di lokasina. Pikeun nataharkeun guruna, atawa sok disebut tutor nu pancénna ngabingbing, difasilitasan ku Kemendikbud RI jeung LSM Humana, gawé bareng jeung pihak nu ngokolakeun perkebunan sawit katut Jabatan Pendidikan Negeri Sabah (JPNS) Malaysia.
Mémang unik prak-prakan diajarna gé. Sakolana ngan ukur ngandelkeun fasilitas saayana, béda jeung kaayaan Sekolah Indonesia di nagara deungeun séjénna, anu umumna diadegkeun di kota, malah di puseur nagara. CLC mah leuwih keuna mun disebut sakola darurat, tur lokasina ogé jauh ti raména kota, da apan di perkebunan sawit.
Ieu program téh minangka solusi sangkan anak TKI di nagri jiran bisa sarakola, boh di tingkat dasar boh di tingkat menengah, sanajan kaayaanana walurat matak prihatin. Teu rék kitu kumaha, da apan rohangan kelasna gé saenyana teu nyumponan ukuran fasilitas diajar ceuk aturan dina Standar Nasional Pendidikan. Guruna ogé sukaréla anu dirékrut ku Kemendikbud pikeun ngajar di dinya.
Data nu aya di Konsulat Jenderal Kemlu RI di Kota Kinabalu, Sabah, taun 2019 nyébréhkeun yén aya 16.760 murid anu umurna manjing sakola di SD, SMP, jeung SMA, anu bisa ditampung di CLC Sabah. Aya tujuh CLC, ari jumlah sakabéhna aya 294 tempat kagiatan diajar, di aréal perkebunan sawit, kawasan Nagara Bagian Sabah, Malaysia.
Sabah téh tepung wates jeung Provinsi Kalimantan Utara. Leuwih ti saperlima tina wewengkonna dipelakan sawit. Méh satungtung deuleu, da aya rébuna héktar anu dipaké perkebunan sawit téh. Kiwari jumlah anu digawé di dinya téh aya satengah jutana.
Nya ti dinya mimitina kiwari karasa dampak sosialna téh. Para TKI anu digarawé di dinya téh umumna mawa kulawarga, anak jeung pamajikan. Ditambah deuih ku anu lahir di ditu. Padahal saenyana aturan imigrasi Malaysia henteu méré idin ka pagawé asing di perkebunan sawit pikeun mawa kulawarga.
Umumna mah TKI katut kulawargana téh kaasup kolom illegal. Maranéhna indit ka nagri deungeun bari teu lengkep dokuménna. Dina jero sawatara taun, TKI nu digarawé di dinya téh caricingna di pamatuhan anu basajan pisan, malah bisa disebutkeun poporogok, di aréal perkebunan sawit.
Kiwari, jumlah barudak di dinya téh nambahan. Tina total 200 rébu TKI nu digawé di perkebunan sawit, kurang leuwih aya 30 rébu budak umur manjing sakola (padahal dua taun ka tukang mah karék 16 rébuan). Loba ti antara éta barudak téh anu teu boga kasempetan pikeun sakola. Nya ku ngaliwatan CLC, éta barudak TKI téh dipiharep bisa sakola di tingkat pendidikan dasar.
Éta gé aya di antarana nu asup ka sakola umum di Sabah. Tapina tina jumlah 30 rébuan, anu nasibna kaitung alus mah saeutik pisan, sabab kalolobanana mah henteu bisa sakola, sabab aturan di Malaysia henteu méré idin ka barudak urang asing pikeun diajar di sakola umum nu nampa fasilitas ti nagara (sakola negeri).
Saenyana di Sabah gé aya sakola swasta, tapi pamohalan mun TKI mampu ngawaragadan barudakna pikeun sakola di dinya. Nya geus kajudi, ari nu jadi sababna mah lantaran biayana mahal, moal bisa kacumponan ku ngandelkeun panghasilan tina buburuh.
Nya pikeun ngungkulanana téh ku ngayakeun fasilitas jeung tempat diajar CLC. Ku cara kitu, program ngawalatrakeun program pendidikan pikeun generasi ngora dipiharep bisa laksana. Hadirna CLC téh hususon pikeun barudak TKI nu mukim di perkebunan sawit di Malaysia.
Kana éta program, Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) geus sawatara taun gedé méré andil. Loba alumni UPI anu dirékrut pikeun ngalaksanakeun tugas jadi guru rélawan, malah aya nu geus sababaraha taun ngajar di lokasi CLC anu sumebar di puluhan kantong pamukiman TKI di perkebunan Sawit Sabah. Kitu deui sawatara dosén jeung mahasiswa UPI sacara rutin sok ngalaksanakeun panalungtikan jeung pangabdian di dinya.
Aya sawatara catetan ngeunaan pangalaman alumni UPI anu geus aya kana opat taun babakti jadi guru sukarélawan di CLC Sabah. Upamana waé Amanda Oktriana, alumni Jurusan Manajemen FPRB UPI anu ditugaskeun munggaran ka dinya taun 2013-2015. Amanda jadi guru di CLC Tomanggong, Distrik Kinabatang, Sabah. Ngajarna di SMP kelas VII, VII, jeung IX. Ti dinya disambung deui ku tugas kadua, taun 2015-2017, jadi guru ti Kelas I tepi ka kelas VI di CLC Hanim, Distrik Kinabalu, Sabah.
Dina e-mail, Amanda nyebutkeun yén ngalaksanakeun pancén jadi guru sukarélawan di perkebunan sawit téh mémang beurat karasana, sarta loba tangtanganana. Tapi najan kitu, ceuk Amanda, “Tétéla barudak TKI di perkebunan sawit téh luar biasa. Maranéhna beunang disebutkeun barudak hébat-hébat. Sok sanajan fasilitas pendidikan anu nyampak sarwa kawatesanan, tapi éta barudak di perkebunan sawit téh dialajarna mani tekun. Nya hal éta nu ngalantarankeun sim kuring ngarasa senang, sarta aya pangabetah leuwih ti opat taun jadi guru sukaréla di Sabah.”
Aya hiji hal nu ngalantarankeun Amanda ngarasa miris, nyaéta loba budak anu lahir tanpa dokumén anu sah, anu hal ieu téh bakal ngarémbét kana status hukum dirina dina mangsa nu bakal datang. Ari hal séjénna, nyaéta loba nu ku kolotna dikawinkeun budak kénéh, upamana waé umur 12 taunan. Sarua ieu gé teu dilengkepan ku dokumén resmi, anu tangtuna bakal gedé pangaruhna kana kamungkinan malsukeun dokumén dina mangsa ka hareupna.
Ieu pasualan sosial TKI téh kudu diungkulan kalawan enya-enya, jeung jadi agénda anu daria pikeun diréngsékeun ku sakumna pihak. Lamun diantep bari teu dipikiran ngungkulanana, geus tangtu bakal jadi pasualan nu patali jeung hukum.
Tah kitu, di antarana potrét generasi ngora bangsa urang téh, barudak TKI di nagri jiran. Saenyana aya optimismeu dina sorot panon maranéhna, najan masih kalimpudan ku pepedut nu ngalantarankeun kaayaan tacan katempo béngras. Tapi nya mudah-mudahan waé ku keyengna diajar téh maranéhna bisa tumuwuh tur mekar enggoning mapag mangsa datang nu leuwih hadé.*
*) Guru besar di UPI, sarta remen icikibung dina rupa-rupa forum pikeun ningkatkeun pendidikan (Dinn Wahyudin)